Rosyta sareng Nadia :
“Assalammu’alaikum”.
Mang Aus :
“Wa’alaikumsalam”.
Rosyta : “Punten mang, abdi sareng rѐrѐncangan badѐ ngawawancara.
Kumargi Mang Aus nuju
rengsѐ, wios abdi ngawawancara?”.
Mang Aus : “Oh, mangga
, upami badѐ tumaros mah, nѐng”.
Rosyta : “Abdi tѐh hoyong terang, tos sabaraha
taun Mang Aus icalan
di sakola ieu?”.
Mang Aus : “Tos 5 taun
, ti taun 2007”.
Nadia : “Kumaha prak-prakkan Mang Aus tiasa icalan
di dieu?”.
Mang Aus :
“Prak-prakkan icalan mah, ngawitan neraskeun pun bapa anu icalan
di dieu, da tos sepuh”.
Nadia : “Kunaon Mang Aus hoyong icalan di
dieu?”.
Mang Aus : “Hoyong kѐnging
untung sakedik-sakedik mah , sambian
di damel di sakola”.
Rosyta : “Sabaraha panghasilan dina sadinten
tina icalan tѐh, mang?”.
Mang Aus : “Teu tangtos
, aya kѐnging alit aya kѐnging ageung”.
Nadia : “Upami tiiseun sok kѐnging sabaraha,
mang?”.
Mang Aus : “Kirang ti
dua ratus rѐbu”.
Rosyta : “Oh, sabaraha mang, modal kanggo
icalan tѐh?”.
Mang Aus : “Aya kana
genep ratus rѐbu mah”.
Nadia : “Ti tabuh sabaraha Mang Aus nyiapkeun
dagangan kanggo
icalan?”.
Mang Aus : “Ti tabuh 4
subuh”.
Rosyta : “Saha waѐ anu ngabantosan Mang Aus
icalan di dieu?”.
Mang Aus : “Ku pun bojo
sareng pun biang”.
Nadia : “Biasana dimana Mang Aus osok
balanja, kanggo mѐser
bahan – bahan kanggo icalan?”.
Mang Aus: “Upami
balanja mah, osok di Pasar Ciawitali”.
Rosyta : “Oh, kitu nya, mang. Ari anu di ical ku
Mang Aus tѐh aya naon
waѐ?”.
Mang Aus : “Aya cimol,
bala-bala, bola-bola hayam, gѐhu, cipuk, gorѐngan
tѐmpѐ jeung anu sѐjѐnna”.
Nadia : “Upami teu sѐѐp osok di kamana keun ѐta
icalan tѐh?”.
Mang Aus : “Mun teu sѐѐp
mah osok di candak ka bumi atanapi osok
dibagikeun ka barudak anu
di lembur”.
Rosyta : “Oh , kitu nya mang. Mung sakitu waѐ
mang, wawancara ti abdi
sareng rѐrѐncangan. Hatur
nuhun pisan kana waktosna mang.
Hapunten, bilih aya cariosan
anu teu mareunah sareng tos
ngaganggu!”.
Mang Aus : “Nya,
sami-sami nѐng”.
Mang Aus :
“Wa’alaikumsalam”.