Senin, 07 Oktober 2013

Wawancara Basa Sunda

Ngawawancara Tukang Cimol



Rosyta sareng Nadia : “Assalammu’alaikum”.
Mang Aus : “Wa’alaikumsalam”.
Rosyta       : “Punten mang, abdi  sareng rѐrѐncangan badѐ ngawawancara.
                      Kumargi Mang Aus nuju rengsѐ, wios abdi ngawawancara?”.
Mang Aus : “Oh, mangga , upami badѐ tumaros mah, nѐng”.
Rosyta       : “Abdi tѐh hoyong terang, tos sabaraha taun Mang Aus icalan   
                      di sakola ieu?”.
Mang Aus : “Tos 5 taun , ti taun 2007”.
Nadia        : “Kumaha prak-prakkan Mang Aus tiasa icalan di dieu?”.
Mang Aus : “Prak-prakkan icalan mah, ngawitan neraskeun pun bapa anu icalan
                     di dieu, da tos sepuh”.
Nadia        : “Kunaon Mang Aus hoyong icalan di dieu?”.
Mang Aus : “Hoyong kѐnging untung sakedik-sakedik mah , sambian
                      di damel di sakola”.
Rosyta       : “Sabaraha panghasilan dina sadinten tina icalan tѐh, mang?”.
Mang Aus : “Teu tangtos , aya kѐnging alit aya kѐnging ageung”.
Nadia        : “Upami tiiseun sok kѐnging sabaraha, mang?”.
Mang Aus : “Kirang ti dua ratus rѐbu”.
Rosyta       : “Oh, sabaraha mang, modal kanggo icalan tѐh?”.
Mang Aus : “Aya kana genep ratus rѐbu mah”.
Nadia        : “Ti tabuh sabaraha Mang Aus nyiapkeun dagangan kanggo
                      icalan?”.
Mang Aus : “Ti tabuh 4 subuh”.
Rosyta       : “Saha waѐ anu ngabantosan Mang Aus icalan di dieu?”.
Mang Aus : “Ku pun bojo sareng pun biang”.
Nadia        : “Biasana dimana Mang Aus osok balanja, kanggo mѐser
                      bahan – bahan kanggo icalan?”.
Mang Aus: “Upami balanja mah, osok di Pasar Ciawitali”.
Rosyta      : “Oh, kitu nya, mang. Ari anu di ical ku Mang Aus tѐh aya naon
                     waѐ?”.
Mang Aus : “Aya cimol, bala-bala, bola-bola hayam, gѐhu, cipuk, gorѐngan
                     tѐmpѐ jeung anu sѐjѐnna”.
Nadia        : “Upami teu sѐѐp osok di kamana keun ѐta icalan tѐh?”.
Mang Aus : “Mun teu sѐѐp mah osok di candak ka bumi atanapi osok
                     dibagikeun ka barudak anu di lembur”.
Rosyta      : “Oh , kitu nya mang. Mung sakitu waѐ mang, wawancara ti abdi
                     sareng rѐrѐncangan. Hatur nuhun pisan kana waktosna mang.
                     Hapunten, bilih aya cariosan anu teu mareunah sareng tos
                     ngaganggu!”.
Mang Aus : “Nya, sami-sami nѐng”.
Rosyta  sareng Nadia : “Assalammu’alaikum”.
Mang Aus : “Wa’alaikumsalam”.                  

1 komentar: